News Update :
Home » » Kuring Bogoh Ka Manehna

Kuring Bogoh Ka Manehna

Penulis : Andis Apriana on Kamis, 14 Maret 2013 | 16.55


Dina mimitina kuring papanggih jeung manehna.
Eweuh pisan rasa nu matak kabina-bina.

Dina mimitina kuring pependak jeung meneh na.
Saukur ngarasa rasa nu matak biasa.

Ngan teuing ayeuna kuring ngarasa bogoh.
Ayeuna kuring ngarasa sono.
Kudu dinyatakeun, ku maneh dengekeun, kuring rek nyarita.

Kuring bogoh ka manehna.
Ngan maneh tong sok bebeja.
Bisi engke si etana kalahkah baeud.

Kuring bogoh ka manehna.
Ngan maneh tong waka bebeja.
Pasti engke kuringna nu ngarasa eraeun.

Kuring bogoh ka manehna.
Ngan maneh ulah waka bebeja.
Keun wae kuring ke nu nyarios soranganeun.
Share this article :
Komentar
0 Komentar

Posting Komentar

 
Company Info | Contact Us | Privacy policy | Term of use | Widget | Advertise with Us | Site map
Copyright © 2011. Jafunisun . All Rights Reserved.
Design Template by panjz-online | Support by creating website | Powered by Blogger